CINTA NYATUKEUN DUA KALUARGA
Kacaritekeun dihiji
kampung aya dua kaluarga nyaeta kaluarga Ma Ipah ngabogaan anak gadis nyaeta
nyi Euis, kaluarga hiji dei nyaeta Ma Siti ngabogaan anak bujang nyaeta Jang
Udin. Dua kaluarga eta can pernah akur kusabab aya hiji masalah anu teu beres
dina dua kaluarga eta.
Teu disangka Euis jeng
Udin teh jadi babaturan deukeut, duaan
eta keur ngobrol di sawah.
Ujang Udin : “nyi
Euis tenyangkanya urang bisa deukeut siga kieu”.
Nyi Euis : “muhun
akang, Euis oge tenyangki padahal kolot urang
teh parasea wae jiga ucing jeung anjing”.
Ujang Udin : “nya
atuh sabar sugan moal kitu deui, urang mah ulah
jiga kitunya nyai”.
Teu kungsi lila indungna
Euis nyaitah Ma Ipah datang nyarekan Jang Udin jeng Euis nu keur paduduaan.
Ma Ipah : “Udin
keur naon maneh jeng anak parawan urang”,
te boga polo ngobrol disawah.
Nyi Euis :
(bari soak, jeng nangtung) “Ma keur ngobrol hungkul ”.
Ma Ipah :
(bari metot leungeun Euis) “buru balik geus burit”.
Jang Udin : “muhun
nyi gera uih we”.
Teu nyangka aya nuningali
Ma Ipah keur nyarekan Ujang Udin nyaeta Imas jeung Ika duaan eta langsung
ngabejakeun ka imah Ma Siti.
Imas :
(bari lulumpatan hahehoh )”Ma Siti, Ma Siti”.
Ma Siti : “aya
naon ieu gogorowokan jiga di leweung wae ?
Ika :
“Ma, tadi abi ningali si Ujang Udin ker dicarekan ku
Ma Ipah”.
Ma Siti :
“dicarekan kunaon, terus ayena keur dimana?”.
Imas :
“duka atuh, geus balik kaimahna merenan”.
Ika :
“jig Ma atuh susul, emang teu nyeri hate budak
Ema dicarekan ku batur”.
Ma Siti :
“heeh urang teu ngenah siah budak urang dicarekan”.
Di tengah jalan Ma Siti
pasangrok jeung Ma Ipah keur nuntun Euis. Ma Siti langsung ambek.
Ma Siti :
“Ipah nyinaon maneh kaanak urang nyarekan teu pupuguh”.
Ma ipah :
“anak maneh ngadedeket anak urang wae”.
Ma Siti :
“teyus............ masbulloh”.
Ma Ipah :
“eh belal – belel ngajawab teh, papatahan anak maneh ulah
ngadeketan anak urang”.
Ma Siti :
“aya oge anak maneh paptahan bet daek atuh diajakan
ku si Ujang”.
Teu lila Ujang Udin nyamperkeun indungna.
Ujang Udin :
“aya naon Ema beut ngerakeun wae pasea ditengah jalan,
Geus hayu urang balik”.
Euis : “nya Ema hayu urang uih”.
Imas jeng Ika keur seserian kusabab ningali Ma Siti jeng ma Ipah
parasea.
Imas :
“hahaha, ramenya”.
Ika :
“heeh nya sinetron gratis ieu mah atuh hahaha”.
Imas :
“eh Ka.”
Ika :
“aya naon Mas?”.
Imas :
“da kuring teh bogoh ka Ujang Udin”.
Ika :
(rewas) “hah bogoh, nu bener ari ngomong teh”.
Imas :
“bener, kuring teh bogoh eh”.
Ika :
“nya terus”.
Imas :
“ah bantuan kuring atuh meh Ujang Udin bogoheun
ka Imas, Ka.”
Ika :
“wanipiro......... hahaha........., nya atuh sip lah, tenang we”.
Teu karasa atos wengi
deui, Euis jeng indungna keur ngobrol ditengah imah.
Euis :
“ma, tadi kunaon ambek ka Ujang Udin, ulah dekeut
jeung jang Udin ma?”
Ma Ipah :
“nya, Euis ulah dekeut jeung budak eta, ema mah teu resep”.
Euis :
“emang teu resep kumaha ma”.
Ma Ipah :
“pokonamah entong deukeut jeung budang eta titik”.
Euis :
“ema mah pikasebeleun eh.ngomong naon atuh ma alesana”.
Ma Ipah :
“ke oge apal sorangan”.
Euis :
“nya moal apal atuh ma ari teu dibejaan mah,
ah lieur ngomong jeung Ema mah (bari lumpat
kakamar)
Ma Ipah : “eh
budak teh hese diwarahna”.
Poe isukna Ma Ipah jeung
Ma Siti keur meli sayuran, maranehna pabaed – baed jeng parebet dagangan nu
edek di beli.
Tukang sayuran : “sok
atuh ma sayurna”.
Ma Siti :
“mang kangkung 3 bengkeut”.
Ma Ipah :
“mang bayem jeng tomat jeng kangkung”.
Ma Siti :
“heh Ipah ke urang heula sok riweuh”.
Ma Ipah :
“eh naon ari Siti sok nasteng wae, nya sok we atuh ”.
Tukang sayuran “karek
oge isuk – isuk geus harerey, yeuh ma kangkungna”.
Teu karasa geus sore deui
Euis jeng Ujang Udin Katemuan. Ujang Udin mere hadiah ka Euis nyaeta cin –
cin”.
Euis :
“duh akang meni indah kieu pamandanganna,
temben katemuan didieu teu disawah deui”.
Ujang Udin :
“nya kedah atuh maeya disawah deui emang nyai bede
ngarit kitu”.(bari seuri)
Euis :
“ah ah ah kang”.
Ujang Udin
“nyai akang teh bade masihan sesuatu”.
Euis :
“sesuatu naon kang ?”.
Ujang Udin :
“peremkeun atuh socana”.
Euis :
“ah akang, muhun atuh”.
Ujang Udin :
(bari nempelkeun cin – cin kanu panangan Euis) “buka socana
nyai, seneng teu ?”.
Euis :
“ih akang sae kieu, ieu naon maksudna kang”.
Ujang Udin :
“akang hoyong ngalamar Nyai. Nyai nampi teu”.
Euis :
“nya duka atuh kang nyai mah bingung kang Ema teu satuju
mun cakeut sareng akang teh komo ieu
ngalamar”.
Ujang Udin :
“pokonamah entong sieun nyai, ke kuakang soal etamah
nu pentingmah akang atos mihareup ka nyai”.
Euis :
“muhun atuh akang”.
Euis jeng ujang udin
balik ka imahna masing – masing. Ujang Udin gembira pisan, jeung bebeja ka
indungna”.
Ujang Udin : “
Ema........., Ema...........”.
Ma Siti :
“naon Ujang, meni siga anu bungah kitu”.
Ujang Udin :
“hayang kawin Ma, hayang kawin”.
Ma Siti :
“nya kari atuh, ari geus aya calon namah, emang kawin
jeung saha ujang ?”.
Ujang Udin :
“kawin jeung nyi Euis ma”.
Ma Siti :
“nyi Euis mana ujang”
Ujang Udin :
“eta budak Ma Ipah. Ema maeya teu apal”.
Ma Siti :
(olohok) “naon budak na Ma Ipah, sing kira – kira atuh edek
kawin kabudakna Ma Ipah”.
Ujang Udin : “atuh
ma da ujang teh nyaah ka Euis teh”.
Ma Siti :
“pokonamah neangan awewe dei ulah budak Ma Ipah”.
Ujang Udin :
“emangna naon kitu ema meuni ulah sagala”.
Ma Siti :
“ah pokonamah ulah”.
Ujang Udin :
“ngomong atuh ma naon alesana, ma teu nyaah ka
Ujang kitu”.
Ma Siti : “hayang nyaho alesna”.
Ujang Udin :
“naon ema ?”.
Ma Siti :
“maneh teh jeung Euis lancek tere”.
Ujang Udin :
“maeya ma, atuh ema jeung ma ipah teh duduluran,
naha atuh ema pasea wae jeung ma Ipah”.
Ma Siti :
“da geuleuh atuh ma mah ka Ipah teh gara – gara manehna
Bapa maneh teh tepika euwehna”.
Ujang Udin :
“euweuh kamana ma, ka balong” (bari seuri)
Ma Siti :
“beubeul sia ngahereykeun”.
Ujang Udin :
“teu atuh Ma”.
Ma Siti :
“bapa maneh teh euweh geus ka alamna, gara – gara Ipah
kabeh
hancur kabahagian Ema jeung Ujang”.
Ujang Udin : “Ema
geus takdir bapa tos teaya teh, ujang bahagia
jeung Ema.teu hancur, malahan Ema teh
sagalana keur ujang
mah kan surga teh ditelapak kaki ibunya Ma”.
Ma Siti :
“nya atuh ujang Ema ge ngan boga maneh we nu bisa
ngabahagiakeun Ema teh”.
Ujang Udin :
“nya atuh Ema ayena mah menta hampura ka ma Ipah jadi
duduluran maeya teupika maot moal silih
hahampuraan”.
Ma Siti :
“nya ujang Ema oge naon ijid ka batur, nya atuh bener ujang
hayang kawin jeung Euis”.
Ujang Udin :
“nya atuh Ema emangna Ema satuju kitu”.
Ma Siti :
“nya setuju ari ujang bener mah, sok ku Ema ke isukan
ka imah Ipah”.
Ujang Udin :
“nya atuh ema”.
Petingna Imas jeung Ika
keur ngarobrol, teu lila Euis ngalewat harepeun Imas jeung Ika.
Euis :
“eh paruntren ngalangkung”.
Imas :
“eh Euis kadieu”.
Euis :
“aya naon Mas?”.
Imas :
“ari Euis sareng akang Udin aya hubungan naon?”.
Euis :
“nya kitu we Mas”.
Imas :
“baleg atuh”.
Euis :
“aya naon sih hoyong terang wae”.
Imas :
“ya kedah atuh, da Imas teh bogoh ka akang Udin”.
Euis :
“telat atuh Mas, kang Udin nage bade ngalamar Euis”.
Imas :
(olohok) “nu bener Euis ari ngomong teh”.
Euis :
“nya bener atuh, dugi ayeuna Imas tong hareup kang
Udinnya,
ih teaya ka isin, tos ah bade uih hela,
asalammualaikum”(Bari balik kaimahna).
Ika :
“imas nyeri hate tah, sing sabar we atuh”.
Imas :
“ah Ka nyeri hate pisan ieu mah”.
Ika :
“sing sabar we atuh neangan deui, da lalaki teh loba,
lain kang Udin wae”.
Imas :
“enya Ka, hayu ah urang balik geus peting”.
Ika :
“hayu atuh”.
Kaisukan poena Ma Siti
jeung Ujang Udin ka imah Euis kusabab edek nagalamar.
Ma Siti & Udin :
“assalamualaikum”.
Ma Ipah : (olohok)
“waalaikumsalam, aya naon kadarieu”.
Euis :
“Ema ulah kitu, senah kalebet, sok Ma Siti, Akang Kalebet”
Ma Ipah :
“Malah nitah kajero, barinage ngaherinan”
Ma Siti :
“Tuh tingali ujang cek Ma oge ulah ka budak si Ipah, ulah
budak si Ipah. Ciga eweh awewe deui tuh”
Ma Ipah :
naon – naon – naon ..... eh siti barinage moal dibikeun ku
urang
mah anak urang nu kacida geulisna ka si Udin mah
emang
si Udin boga naon, hah....?
Pas di tingali Ujang Udin
jeung Euis geus areuwmaranehna lumpat kasawah ku sabab lieur ningali kolotna
parasea wae.
Eusi :
“alah akang cape......... kumaha atuh akang ieu teh tinggal
kolot urang
teh malah parasea wae.”
Jang Udin :
“muhun nyai akang oge bingung kedah kumaha ieu teh nyai”.
Euis :
“nya akang panginteun urang teh te dijodohkeun”.
Ujang Udin : “atuh
nyai tekenging kitu, ulah putus asa akang mah janji ka
nyai
bade merjuangkeun”.
Ujang Udin jeung
Nyi Euis balik ka imah masing – masing pas nepi imah Nyi Euis langsung
dicarekan ku ma Ipah.
Ma Ipah :
“geus dimana nyai maneh teh, kolot mah mela maneh tadi di
hina ku si Siti ieu malah kabur jeung si
Udin naha ninggali
naon ari maneh ka si Udin nyai?”.
Euis :
“atuh ma da Ema mah moal ngartos mna, Euis teh nyaah
ka akang udin teh ma.
Ma Ipah :
“Cinta................Cinta naha dek ngadaharan cinta, sok
ema mah dek jengung saha – saha oge asal ulah jeng
budak si Siti”.
Euis :
“atuh embung – ebung pokonamah Euis mah embung kanu lain
mah hayang ka Akang Udin. Lamun Euis teu di
setujuan
Euis mah moal kawin ah (Bari lumpat kakamar)
Pas kajadian eta Euis
jadi murung teu daek dahar – dahar acan teu kaluar ti kamar. Ma Ipah jadi
bingung mikiran Nyi Euis. Dina hiji poe Ma Ipah ka imah Ma Siti lantaran Nyi
Euis embung wae dahar, hayang wae panggih jeung Ujang Udin.
Ma Ipah : “Udin..................Udin..............”
Ma Siti :
“eleh...eleuh aya naon ieu gogorowokan, salam – salam atuh
Ipah maneh teh”.
Ma Ipah :
“heueuh poho lah.....mana si Udin?”.
Ma Siti :
“dek naon maneh ka anak urang hah.......?”
Ma ipah :
“urang teh dek menta tulung itu Nyi Euis geuring embung
dahar – dahar acan hayang panggih jeung si
Udin”.
Ma Siti :
“ningan butuh ipah maneh ka anak urang”.
Ujang Udin :
“aya naon ieu ma....?, oh aya Ma Ipah geuningan,
kalebeut ma”.
Ma Ipah :
“heueuh Ujang........Ujang tulungan Euma, itu si nyai cadahar
teu kaluar – kaluar di kamar”.
Ujang Udin : “oh
muhun hayu atuh..... Ema ujang ka bumi nyi Euis
heulanya?”.
Ma Siti :
“lagu butuh mah kadieu geuning Ipah..... jig Ujang ulah lila
teuing, lamun di carekan bebeja ka Emanya”.
Ujang Udin langsung ka imah Nyai Euis dek ngolo Nyai Euis supaya
dahar.
Kang Udin :
“nyai.......... kunaon atuh nyai teh meni dugikeun ka kieu nyai”
Euis :
“Akang Nyai teh nyaah ka Akang naha kolot – kolot
urang teh ni teu ngarartos”.
Kang Udin :
“muhun Nyai, Muhun lamun mah nyai nyaah ka Akang
emam atuhnya”.
Ma Ipah :
“heueuh tuh nyai jang Udin geus kadieu ayenamah
gera dahar”
Euis :
“alim ah Euis mah bade emam lamun Ema nyetujuan Euis jeng
akang Udin”.
Ma Ipah :
“heueuh atuh geus hese maneh mah ari bener – bener nyaah
mah Ema setuju ayenamah tapi ayeuna kumaha
si Siti”.
Uajng Udin :
“leres Ema eta teh, keun Ma urusan eta mah
Udin nu ngomong ka Ema”.
Ujang Udin langsung balik
ngomong ka indungna yen Ma Ipah geus setuju kana hubungan ieu.
Ujang Udin :
“Ma.............. Ema........ jadi ieu mah jadi.................
Ma Siti :
“jadi naon Ujang?”.
Ujang Udin : “Ma
isuk pokonamah pangngalamarkeun Nyai Euis”.
Ma Siti :
“eemm..... angger ni ku keukeh ujang maneh, kan ningali
kamari oge di tolak, embung nyeri hate dua
kali Ema mah”.
Ujang Udin :
“teu ma ges satuju Ma Ipah nage ayeunamah”.
Ma Siti :
“heueuh atuh kumamaneh we Ema mah ah asal maneh bahagia”.
Kaisukan poena Ma Siti
jeung Ujang Udin ka imah Euis kusabab edek nagalamar.
Ma Siti & Udin :
“assalamualaikum”.
Ma Ipah :
“waalaikumsalam”.
Ma Ipah : “sok kalebeut kadieu, aya naon
ieu teh ?”.
Ma Siti :
“kieu Ipah kuring teh bade nyuhunkeun hapunten ka didnya,
geus 20 tahun silih ijid”.
Ma Ipah :
“nya atuh Siti, hapunteun abi oge bilih aya nu samawona”.
Ujang Udin :
“tah kitu atuh Ema silih arakur, jadi duduluran”.
Euis :
“muhun atuh ema tah kitu”.
Ma Siti :
“nya atuh Ipah budak kuring teh bade nanyaan ka nyi Euis”.
Ma Ipah :
“nya sok ari Euis nampi mah, kumaha Euis nampi te?”.
Euis :
“nya nampi atuh Ma”.
Ujang Udin : “leres
etateh nyai”.
Euis :
“muhun akang”.
Akhirna cinta Ujang Udin
ka nyi Siti disatujuan ku Ma Ipah, Ma Ipah jeng Ma Siti akhirna alakur deui
0 komentar:
Posting Komentar