CINTA NYATUKEUN DUA KALUARGA
Kacaritekeun dihiji
kampung aya dua kaluarga nyaeta kaluarga Ma Ipah ngabogaan anak gadis nyaeta
nyi Euis, kaluarga hiji dei nyaeta Ma Siti ngabogaan anak bujang nyaeta Jang
Udin. Dua kaluarga eta can pernah akur kusabab aya hiji masalah anu teu beres
dina dua kaluarga eta.
Teu disangka Euis jeng
Udin teh jadi babaturan deukeut, duaan
eta keur ngobrol di sawah.
Ujang Udin : “nyi
Euis tenyangkanya urang bisa deukeut siga kieu”.
Nyi Euis : “muhun
akang, Euis oge tenyangki padahal kolot urang
teh parasea wae jiga ucing jeung anjing”.
Ujang Udin : “nya
atuh sabar sugan moal kitu deui, urang mah ulah
jiga kitunya nyai”.
Teu kungsi lila indungna
Euis nyaitah Ma Ipah datang nyarekan Jang Udin jeng Euis nu keur paduduaan.
Ma Ipah : “Udin
keur naon maneh jeng anak parawan urang”,
te boga polo ngobrol disawah.
Nyi Euis :
(bari soak, jeng nangtung) “Ma keur ngobrol hungkul ”.
Ma Ipah :
(bari metot leungeun Euis) “buru balik geus burit”.
Jang Udin : “muhun
nyi gera uih we”.
Teu nyangka aya nuningali
Ma Ipah keur nyarekan Ujang Udin nyaeta Imas jeung Ika duaan eta langsung
ngabejakeun ka imah Ma Siti.